Pakeman Basa
LAPORAN
BASA SUNDA
PAKEMAN
BASA
Diajukeun pikeun nuntaskeun tugas Basa Sunda
Pelajaran Basa Sunda di Kelas XI
Disusun ku:
1.Dea
Febrianti
2.Fania
Novita Sari
3.Firda
Arfiani
4.Ida
Yani Agustria
5.Sania
Aprilia Cahyani
6.Satya
Wira Permana
7.Tannia
Elvirra
8.Tina
Nur Sya’adah
9.Venny Wulan
10.Yusuf
Wibisono
Kelas XI IPA 1
SMA
NEGERI 1 BATUJAJAR – PROVINSI JAWA BARAT
Jalan
Raya Selacau Batujajar
KECAP PANGANTEUR
Puji
sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na
simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun
pancen ti Ibu Guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun
ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka
sahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Karya ilmiah ieu di judulan ku LAPORAN BASA SUNDA PAKEMAN BASA . Panyajian anu aya dina karya ilmiah ieu nyaeta macem macem pakeman basa anu diantarana babasan, paribasa, dsj. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana pakeman basa atawa basa anu sok dipake sahari hari tapi teu apal hartina.
Saleres-leresna karya ilmiah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana karya ilmiah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun karya ilmiah ieu pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Ibu Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu karya ilmiah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu karya ilmiah ngaharepkeun supaya ieu karya ilmiah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pengetahun urang tina basa sunda, sareng tiasa manfaat kanggo para siswa pikeun diajar sastra.
Karya ilmiah ieu di judulan ku LAPORAN BASA SUNDA PAKEMAN BASA . Panyajian anu aya dina karya ilmiah ieu nyaeta macem macem pakeman basa anu diantarana babasan, paribasa, dsj. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana pakeman basa atawa basa anu sok dipake sahari hari tapi teu apal hartina.
Saleres-leresna karya ilmiah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana karya ilmiah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun karya ilmiah ieu pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Ibu Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu karya ilmiah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu karya ilmiah ngaharepkeun supaya ieu karya ilmiah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pengetahun urang tina basa sunda, sareng tiasa manfaat kanggo para siswa pikeun diajar sastra.
Bandung, 13
Januari 2016
Penyusun
DAFTAR
EUSI
KECAP
PANGANTEUR…………..………..………..………..………..…......1
DAFTAR
EUSI………..………..………..………..……….........………….......2
BAB
I : BUBUKA
1.1 Kasang
tukang………..………..………..………..……….…..……………..3
1.2 Tujuan
Panyusunan……..………..………..………..…....………….............3
1.3 Rumusan
Masalahna…..………..………..…..……………………………...3
1.4 Mangpaat
Panulisan…..………..………..…..…………..…..………..……..3
BAB
II : TIORI
2.1 Definisi…..………..………..…..………..………..……..………..…..……..4
2.2 Rupa-rupa
:
a. Paribasa…..………..………...…......…..…..………..………………4
b. Babasan…..….…..………..………........…..………..………………6
c. Kapamalian….......…..………..………........…..………..………......8
d. Kila-kila….......…..………..………..…..….......……..……………...8
e. Cacandraan…..………..……..………..…..…….......…..……….......9
f.
Uga …......…..………..………..…..………..……….......…………..9
BAB
III : PANUTUP
3.1 Pamungkas…..………..………..…..………..………..…..………....………10
3.2 Saran…..………..………..…..………..………..…..………..…...………....10
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Pakeman Basa disebut ogé
Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios,
anu ngandung harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda
Pakeman basa nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu
dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nururtkeun harti tata basa.
Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu
sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot
tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina
ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu
diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti
anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Di jaman ayeuna loba masarakat
sunda anu teu apal naon eta pakeman basa jeung naon kagunaana. Padahal pakeman
basa miboga hal anu penting dina sastra sunda.
1.2 Tujuan Panyusunan
1. Diajeungkeun pikeun nyumponan salah sahiji pancen ti
mata pelajaran bahasa Sunda semester 2.
2. Nambahan wawasan ngenaan naon eta pakeman basa.
3. Medarkeun wngenan, rupa-rupa dina pakeman basa.
4. Bisa mikawanoh jeung weruh kana kasustraan Sunda anu
tentang pakeman basa.
1.3 Rumusan Masalahna
1. Naon ari Pakeman Basa ?
2. Naon wae rupa-rupa Pakeman Basa teh ?
1.4 Mangpaat Panulisan
Ieu panulisan makalah dipiharep bisa mere mangpaat,
nyaeta sankeun nu maca, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan sastra sunda nyaeta
pakeman basa.
BAB II
TIORI
2.1 Definisi
Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “ has,
mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman
basa nyaéta wangun basa
anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun
sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh
anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka
jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa
paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema,
saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan
ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina
pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
2.2 Rupa rupa
Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :
a. Paribasa
b.
Babasan
c.
Kapamalian
d.
Kila-kila
e.
Cacandraan
f.
Uga
Dina
pangajaran ayeuna urang bakal pedar ngeunaan paribasa, babasan, cacandraan,
kila – kila,kapamalian jeung uga.
a. Paribasa
Nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan
(runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh
surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
Ciri – ciri paribasa:
a. Paribasa sifatna
ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b. Paribasa téh
omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c. Paribasa
mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d. Paribasa henteu
bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab
geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
Ditilik tina maksud
anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu golongan nyaéta
:
a. Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun
pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa bahan babandingan
pikeun laku lampah urang.
Contohna :
1) Uyah mah tara téés
kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat/sifat
kolotna.
2) Uncal
tara ridueun ku tanduk, hartina boga élmu pangaweruh mah
moal hésé mamawa.
3) Wiwirang
dikolongcatang nya gedv nya panjang, hartina ngalaman hiji
kajadian anu matak pikaéraeun.
4) Buruk –
buruk papan jati, hartina sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga
nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
5) Hadé
ku omong goréng ku omong, hartina dina nyanghareupan masalah,
rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
6) Umur
gagadihan, banda sasampiran hartina: umur jeung harta banda hakékatna
milik Allah Swt.
7) Ungguh
baléwatangan hartina: di bawa ka pangadilan
8) Buburuh
nyatu diupah béas, hartina: meunang dua kauntungan sakaligus,
saperti nu sakola meunang béa siswa.
9) Anu
burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan hartina:
anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
10) Ari umur tunggang
gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang
kawas nu ngora)
11) Bihari ngalingling
pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba
nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
12) Cécéndét mandé kiara,
cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu
beunghar.
b. Paribasa panyaram lampah salah
Eusina panyaram
sangkan ulah migawé pagawvan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur
batur.
Contohna :
1) Ulah
unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé
kawani
2) Ulah
koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu
sanggup/teu bisa saméméh dicoba.
3) Ulah
incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
4) Ulah
nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus
kolot sabab urang gé bakal ngalaman.
5) Ulah
cara ka kembang malati kudu cara ka picung, hartina: ulah babari
bosenan, tapi kudu satia salilana.
6) Cul
dog tinggal igel, hartina: ninggalkeun gawé baku, terus milampah
pagawéan nu taya hartina.
7) Mareubutkeun
balung tanpa eusi, hartina: marebutkeun perkara anu papada can
jelas.
8) Pagiri
– giri calik pagirang – girang tampian, hartina: teu sauyunan, papada
hayang menang sorangan, papada hayang leuwih., jsb.
c. Paribasa pangjurung laku hadé
Eusina pikeun pangjururng milampah
pagawéan anu hadé.
1) Carincing
pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan,
mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
2) Kudu
bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun
rejeki, kudu sina mahi.
3) Kudu
boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa
curiga.
4) Kudu
hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa
jeung hadé tingkah lakuna.
5) Kudu
nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak.
6) Kudu
bisa kabula kabalé, hartina: kudu bisa mawa awak.
7) Bibilintik
ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké, hartina:
kudu gemi jeung daék babanda ti
leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.
8) Élmu
tungtut dunya siar,sukan – sukan sakadarna, hartina: téangan
élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan.
Jst...
b. Babasan
Bédana jeung paribasa, babasan mah winangun frasa atawa kecap kantétan anu
susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Ciri –cirina:
1. Babasan
mangrupa babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, pariplah, sarta nasib jelema
jeung sabudeureunana.
2. Babasan
mangrupa frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain hari
sabenerna.
3. Babasaan
heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun.
Papasingan babasan diantaranga waé:
a. Anu dipaké babandingan sasatoan
Contona:
1) Beuteung
anjingeun, hartina beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana
beuteung anjing
2) Hulu
peutieun, hartina: leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna,
dipapandekeun kana peuti nya éta kutu munding, anu huluna leutik.
3) Kokolot
begog, hartina: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa
omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu
keur meujeuhna bangor)
b. Anu dipaké babandingan
tatangkalan jeung bungbuahan
Contona:
1) Kawas
beubeulahan terong, hartina: sakarupa pisan siga nu kembar
2) Pucuk
awian, hartina: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi
anu luak léok katebak angin.
3) Héjo
carulang, hartina: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo,
dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.
4) Siga
cai dina daun taleus, hartina:teu panceg pamadeganana
c. Anu dipaké babandingan barang
Contona:
1) Gurat
batu, hartina: kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus
diucapkeun, dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
2) Sari
gunung, hartina: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan
tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung
anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
3) Kawas
pérah bedog rautaneun, hartina: dilarapkeun ka jalma anu
goréng patut pisan, dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.
d. Anu dipaké
babandingan awak
Contona:
1) Gedé hulu, hartina:
sombong, adigung
2) Béngkok tikoro, hartina:
teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
3) Panjang leungeun, harttina:
daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
4) Bujur aseupan, hartina:
jalma nu teu daék cicing diukna, pindah – pindah waé.
5) Beurat birit, hartina:
jalma nu hésée dititah
6) Hampang birit, hartina:
jalma nu daékan di titah.
7) Amis daging, hartina: jalma
nu sok babari borokan
8) Amis budi, hartina: jalma
nu soméah.
9) Buntut kasiran, hartina:
korét
10) Kolot sapeuting, hartina kolot euweuh
kanyaho
12) kawas aul ,
hartina: ciciduh atawa sok cumiduh
13) dibeuweung diutahkeun ,
hartina:dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
14) nyalindung ka gelung, hartina: ngandelkeun
usaha pamajikan
e. Anu dipaké
babandingan jelema atawa tokoh kasohor
1) Kawas
rama jeung sinta, hartina: pasangan anu kasép jeung geulis,
dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.
2) Kawas
dongéng si boséték,hartina gunta – ganti aturan tapi taya parobahanana,
dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi
taya kamajuan.
3) Mangrupa kecap kantétan anu
murwakanti
1) Awét
rajét, dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.
2) Pinter
kabalinger, hartina: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur
atawa nyieun aturan anu tgeu bener.
3) Jelema
cepet bener, dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok
bohong.
Perbedaann paribasa jeung babasan
Naon atuh bédana babasan jeung paribasa téh? Nurutkeun Abud
Prawirasumantri (1995:117) babasan jeung paribasa téh saenyana mah geus
ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mirupa kalimah, ceuk
Sudaryat (1985:118) babasan umumna ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa
ngandung harti babandingan, sarta nangtukeun papasingan babasan kana babasan
wangun rundayan, babasan wangun kantétan, jeung babasan wangun frasa. Ditilik
tina sumber babandinganana, Sudaryat (1995:20) ngawincik deui jadi
babasanngaran awak sakujur, sasaton, tutuwuhan,kaayaan alam, jeung ngaran
barang.
c. Kapamalian
Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang
anu maksudna teu menang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Contona:
1) Ulah
nambulan uyah, pamali bisi potong peujit
2) Ulah
cicing dina lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo
3) Ulah
maké baju bari leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita – cita
4) Ulah
sapaké jeung koloy, bisi hapa hui
5) Ulah
mandi pabeubeurang, bisi téréh péot
6) Ulah
lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot
7) Ulah
dipapayung dijero imah, pamali bisi di datangan maung jsb
d. Kila-kila
Kila – kila nyaéta totondén (tanda – tanda) alam kana naon – naon anu bakal kajadian.
Contona:
1) Lamun aya kukupu hiber ditengah imah,
tandana rék aya tamu
2) Lamun ngimpi néwak lauk, tandana rék menang
duit
3) Lamun kekenudan panon kenca, tandana
rék manggih kasedih
4) Lamun kekenudan panon katuhu, tandana
rék manggih kabagjaan
5) Lamun murag bulu mata, tandana aya nu
sono ka urang
6) Lamun panas ceuli, tandana aya anu
ngomongkeun
7) Lamun aya sora manuk sit uncuing,
tandana bakal aya nu maot
8) Lamun
aya sora manuk bebencé, tandana aya bangsat keur kukulampangan néangan palingeun
9) Lamun
aya sora hayam kongkorongok tengah peuting, tandana aya parawan hamil tiheula
10) Lamun aya sora toké, tandana bakal aya rejeki
11) Lamun aya sora soang tipeuting, tandana bakal aya jurig
12) Lamun dijalan kacegat ucing, tandana bakal manggih kasial
13) Lamun dampal leungeun karasa ateul, tandana bakal nampa duit
14) Lamun aya cakcak bodas, tandana aya jalma nu ngadengekeun
omongan urang
15) Lamun aya cakcak ragrag tandana aya jurig
e. Cacandraan
Nyaeta caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga
atawa dina jaman anu kasorang (panataan kana pasipatan tempat anu
dibalibirkeun).
Contona:
1) Bandung heurin ku tangtung
2) Sukapura ngadaun ngora
3) Sumedang ngarangrangan
4) Cianjur katalanjuran
5) Galunggung ngadeg tumenggung
6) Pangandaran andar – andaran
7) Wanayasa macangkrama
8) Banagara
sor katengah
Cacandraan béda jeung jujulukan kota,
misalna:
1. Bandung kota kembang
2. Bogor kota hujan
3. Cirebon kota udang
4. Karawang kota lumbung padi, jsb.
f.
Uga
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu
bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun.
1) jaga mah barudak, sajajalan
disaungan, nya buktina aya karéta api.
2) Gancang carita béja, mun
geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.
3) Jaga
mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék
pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
4) Jaga
mah, barudak, nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun
angker gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.
BAB III
PANUTUP
3.1
Pamungkas
Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “ has,
mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman
basa nyaéta wangun basa
anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun
sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh
anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka
jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa
paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema,
saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan
ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina
pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Ditilik
tina rupa-rupa pakeman basa nyaeta aya 8 nyaeta :
g. Paribasa
h.
Babasan
i.
Kapamalian
j.
Kila-kila
k.
Cacandraan
l.
Uga
3.2 Saran
Urang sadayana salaku urang sunda kedah ngamumule
kasustraan sunda. Salah sahijina ngalestarikan sastra sunda ngenaan “Pakeman
Basa”.
Komentar
Posting Komentar